Selasa, 01 Februari 2011

Mauludan dibarengan ku Sunatan Masal


Insya allah dina waktos anu sakedap deui ping 16 Feb 2011 Saung Seni Awihideung bakal ngayakan Ngaemut-emut kana dilahrkeunn kanjeng Nabi Muhammad SAW. dina pelaksanaan eta insyaalaah bakal disarengen ku ngayakeun acara Sunatan masal.

Pelaksanaan sunatan masal, ieu diayakaen wirehna masih seueur para wargi di sabudeureun daerah Saung Seni Awi Hideung nu teu acan tiasa ngalaksanakeun putrana kanggo di sunat.
Sedengkeun ngalaksanakeun sunatan teh mangrupikeun kawajiban kanggo budak islam.

Wirehna dina waktos ieu hayu ngajak ka para nonoman khususna para agnia kanggo tiasa ngarojong tiasa kalaksanana sunatan masal ieu..!! ti Saung Seni Awi Hideung ngajak ka sadaya para wargi sopados tiasa nyumbangkeun sapalih tina hartana kanggo pelaksanaan Sunatan masal ieu..!!

Anapon para murangkali nu bade ngiring kanggo sunatan masal kirang langkung seueurna 20 urang murangkalih. Anu biayana kanggo sunatan per murangkalih ageungna Rp 175.000,- atuh nu diperyogikeun teh kalintang ageungna sadayana Rp. 3.500.000,-

Ku kituna pelaksanaan acara ieu nuntut pisan karidoan ti sadayana kadang wargi...!! mudah-mudahan niat sae ieu tiasa kalaksana. sareng ka sadaya kadang wargi anu gaduh maksad kanggo nyumbagkeun sebhagian hartana kanggo sunatan masal tiasa ngintunkeun danana ka Rekening Bank BNI Cabang Tasikmalaya :
Atas Nami : PEPI M SUBAGYA
No Rekening : 0107270896

Niat sae kadang wargi mangrupikeun kabungah pikeun abdi sadaya ti rengrengen Saung Seni Awi Hideung sareng para keluarga anu putrana di sunatan.

Mugia sagala niat tur maksad kadang wargi tiasa digentosan ku pahala nu langkung Ageung ti Allah SWT.
haturnuhun mugia Allah salamina masihan kabagjaan nu ageung (kabagjaan Iman sareng Taqwa) ka urang sadaya..!!