Minggu, 26 April 2009

Nyawang Ringkang Lembur Urang II

Insya Allah sebentar lagi tanggal 31 Mei s.d. 3 Juni kami akan menggelar "Nyawang Ringkang Lembur Urang II" merupakan pagelaran untuk melestarikan Seni Sunda, kami mengundang semua masyarakat pecinta seni sunda untuk mengikuti pagelaran tersebut, dan mohon partisipasi dari semua kalangan agar pagelaran tersebur dapat berjalan dengan lancar, terima kasih!

Sabtu, 21 Maret 2009

gerentes (carita)

GERENTES KEUR NU WALES

Bismillah tuturus laku, muru gapura rahayu, banjaran jatining bagja, titi nu luyu saestu,
tetep galeuh lelembutan, nyinglar syetan ngusir iblis, di palar setraning rasa,
dipamrih surtining ati, melaan ucap jeung lampah, mangsana ngarumat jeung babakti
ka nagri tur lemah cai, dina papantunan hirup manut lampahing ibadah sumerah ka Nu Kawasa.

Pitutur para Ratu, rawuh para karuhun anu mere tuduh jalan sangkan ulah kajongjonan,
geura suprih ku pangarti, paruruh ku sakumna elmu, geura eling ka purwadaksi,
emut ka tuturus laku, urang teh asal timana? Ayeuna cicing dimana? Lenyepan sing leres-leres,
larapkeun na sanubari, disarengan kulampahna. Tanya heula eta rasa, talek heula eta hate,
dimana ayeuna ngancik? Tekadkeun sing enya-enya pikeun sakabeh lakuna, bisi goreng balukarna,
tina atikan nu munggaran, kasasar nya lampah, jeung buntu dina laku, yakin dina pamadegan sangkan meunang kabagjaan.

Maung Koneng. sok disebat Lodaya, maung anu panggedena sadunya ayana di tanah Sunda. Hanjakal kiwari kantun ngaranna.

Hariwang nyawang Parahiyangan mangsa nu datang, dumareuda medar waruga Sunda nu tereh sirna, ngan ukur ceuk paribasa.
Risi ningali pangeusi nagri nu geus leungit pangaji jeung jati diri nu sayakti. Dimana ayana adat Sunda? Kamana miangna budaya Sunda?
Dimana jeung kamana urang Sunda anu Nyunda di tatar Pasundan?

Sunda ngagagas rasa, rasa dulur saruntuy baraya sarunday, ngahijikeun rasa nu mibanda adat, budaya jeung basa Sunda,
anyam simpay masing pageuh, pikeun meungkeut ngarah raket, nu jauh dirangkul, nu anggang diteang,
ngawengku dulur sangkan akur ngabeungkeut deungeun sangkan tengtrem. Teu cuet kanu beureum teu ponteng kanu koneng,
sarta teu ngabogaan rasa punjul ti batur, loba ngatur henteu akur, kanu ripuh henteu wawuh pedah ngaku runtuy Ratu,
ka papada ngabeda-beda pedah rasa terah Raja, kacacah mah teu diarah kalah nitah jeung marentah, kalayan reujeung amarah,
mun teu digugu tangtu bendu, mun dipungpang kalah narajang.

Rempug jukung sauyunan ngarasa ti Pasundan, ngamumule babarengan ulah rek sawenang-wenang.
Paguron tong sieun kawon pamor lingkung seni ulah sieun kalindih pangarti, padepokan, paguyuban,
yayasan jeung pakumpulan naon bae nu ngarasa mibanda Sunda ngahempak babarengan kalayan sabeungkeutan silih asah silih asuh.
Ngalatih teu menta pamrih, ngabalajar teu menta dibayar. Ngatik ngadidik kanu leutik, ngawarah ka para cacah. Teu talangke kana gawe malahan beuki rancage,
ngahiji ngabdi ka nagri, sarerea bagerak ngarumat budaya Sunda, sangkan Sunda dangiangan, nanjeurna komaraan, pamona anu kasohor. Lain ukur catur tanpa bukur, estu nyata Sunda di pibanda ku balarea.

Kacipta mangsa katukang lalakon anu kasorang
Dina lamunan kasawang rasa ciptaan ngalangkang
Kaulinan ti leuleutik dimimitian ku gatrik
Can cape terusna pecle
Geus bosen pecle terus ku baren
Atawa ngajakan gobag
Memeh lapar ulin gampar
Can ripuh ulin teh dampuh diselang ku babancakan
Bari reueuh dinu liuh sempal guyon tatarucingan
Hawar-hawar rampak sekar pupuh tembang na ditalar
Caang bulan narawangan lir ampir nandingan beurang
Langit teu aya panghalang estu plung plong mega lenglang
Matak betah keur ngabungbang
Disarengan ku tembang gogonjakan
Lisung halu diparangku
Dipirig ku ketuk tilu
Suka bungah sukan-sukan ngagondang jeung gogonjakan
Disambung kendang padungdung jeung tarompet nu neretet matak nyeredet kana hate
Kolot budak parenca silat
Jurus kelidna rarikat
Kokolot oge lalajo dibarengan ngadu bako
Ngobrol lain nu burahol
Cacahan na mawa atikan
Tukeur luang jeung pangalaman

Kiwari bati ngageuri. Harepan ukur lamunan teuteup kalangkung pinuh ku kahoncewangan.
Imut teu purun lir nyanding kacangcayaan. Carita Sunda nu mangsa katukang geus anggang biheung kadongkang
Karinding lawas teu nyanding
Pantun taya nu nuntun
Degung jeung calung kawas nu bingung
Kacapi ngarincik ceurik
Beluk kur bisa ngaheluk
Tarawangsa bati nalangsa
Tari srimpi ngan ukur panggih na ngimpi
Carita sunda ukur galecokna hate
Samar kajurug nangtung
Samar teuing rek balik deui
Siga tilar ku kamelang
Harepan hate asa pugag rek lumangsung
Tapi yakin dina diri karana widi ti Illahi, jati diri pasti ngabukti, jati moal kasili ku junti, asal dirina ngahariji, nagri kudu di pupusti, Sunda kudu dipibanda ku salarea.
Di Bandung Sunda teh nangtung
Di Cianjur Sunda teh ngahunyur
Di Tasik Sunda teh ngancik
Di Ciamis Sunda teh nungeulis
Majalengka Sundana moal langka
Sukabumi Sunda pasti
Di Bogor Sunda moal eleh pamor
Di Garut Sunda moal ngaluluwut
Karawang, Subang, Kuningan katut Sumedang Sunda terus patandang
Di Banten Sunda tetep nanjeur
Runtut raut sauyunan sareundeuk saigel, sabobot sapihanean, Amiiin!
Pangagung kudu jadi papayung pikeun rahayat nyalindung, pajabat kudu bisa nyambat rahayat sangkan ngaronjat harkat martabat rahayatna tina hirup nu malarat. Naha urang Sunda ngumara dinagarana sorangan? Cuang cieung taya keur pakumaha, lieuk deungeun malik lain, lonkewang keur neangan pamuntangan.
Wawakil diri dinagari, lain asli urang nagari, pajabat di nagara lain putra asal Sunda
Kamana satria-satria Sunda? Naha teu mampuh? Naha kasilih?
Pangagung anu didukung, lamun geus pada maranggung
Kalah siga nu adigung, dibarung tunggul di rarung
Teu panuju kanu ngadukung nafsuna kalah ngaberung
Tangtuna nu ngadukungna pundung
Inohong anu dirojong, mopohokeun garede bohong
Nu ngarojong ditarajong, tangtuna ge nu ngarojongna nonggong
Nu ngatur geuning ti batur, jiga arek ngaku dulur padahal resep susungkur
Nu marentah geuning semah, mimitina mah someah, padahal geuning sarakah
Ka pribumi nganggap runtah
Ratug jajantung, ngarasa kaduhung sagede gunung, peurih ati lir di gerihan ku hinis, kasaha nya rek muntang? Kasaha neangan keur panyaluuhan?
Gubernur pangkat nu luhur, salaku papayung agung, nu marentah rahayat sajawa barat, nyasatna sanagara Sunda.
Hatur rawuh pituturna, bagea parentahna, sasarengan aparatna katut wakil rahayatna, pikeun ngaronjatkeun martabat rahayatna sangkan ulah malarat, kalayan ngamumule nagarana di sarengan budayana tong hilap adat jeung bahasana

Para bupati sing tigin kana jangji, ciri pamingpin anu sayakti, karahayat ulah rek nganyenyeri, jangjina ulah kur ngimpi, nagari kudu di pupusti sangkan pangeusina walagri. Walikota nu boga pola, pikeun ngarumat budaya jeung bahasa katut senina sangkan nagara ulah palastra, rahayat ngaronjat kahirupannana.

Ya Allah Rabbul izzaati, welas asih anjeun pasti, mahlukna pasti dijaring sareng di aping. Sumujud abdi ka Anjeun Nu Luhur Tur Maha Agung ibadah sareng sumembah nyuprih barokah ijabah.

Panyawat Sunda nu parah, panyakitna nu ngancik, warasna nu di seja, walagri nu dipamrih, cageur bageur Sunda nu keur wales. Nanjeur deui nguniang jeung dangiangan, amiin ya robbal ‘alamiin!

Macan Putih. Ceuk sakaol Prabu Siliwangi anu nuju anomna katelah Sang Pamanahrasa, kagungan opat maung tutunggangan; anu bodas, anu koneng, anu hideung, sareng anu hawuk.

Rebu panuhun laksa kabingah tina pangrojong katut dukungan ti baraya sanagara Sunda nu micinta Ki Sunda salawasna kalayan ngiring prihatin ku Ki Sunda wanci kiwari, , pamugia kenging balesan ti Allah SWT.

CAG..........................!!
Tasikmalaya, 19 April 2005


Ki Soekma Soenda

KALONG

Taluntik ku pikir,talaah ku rasa
Baca ku daria na raga jeung nyawa
Aji sing taliti tepi kana ati
Jati diri sing kapanggih

Sasakala naratas jalan
Nu rembet ku areuy, kahalang ku turiang
Tangkal nu maneuh, pinuh ku mangandeuh
Sirung teu kaur jangkung,balas ka rurug pangpung
Tunggul karimbunan kalakay,peuntas wahangan
Pepetetan kasered, teu kari nancebkeun akar
Hanjuang bahan rebutan,jadi dina tatangkalan

Manuk ngupuk nyusup na dapuran bitung, dadana beurat ku daluang
jangjangna bareuh ku careuh
Gajah reuneuh sidengdang na dahan pare, hese arek mependena
Singa nyembah ka peucang, ajag di hakan hayam.
Gunung ka tutup ku welit, eungap teu bisa engapan
Cai sagara ngocor ka pasir,sulit rek manggihan basisir

Di beulah kulon Nusa, aya petetan nu jadi ku Cireumis
Nu kaluar tina sela-sela panon nu nunggeulis
Jadi JATI pikeun cukang hamo mentas
Naratas sasakala jalan keur mamanis
Kalong nungguan waktu pikeun lumaku


Cineam, 22 mei 2007

Sabtu, 14 Maret 2009

Yogaswara, antara ada dan tiada

Sabtu, 03 Januari 09 - Dedi Hendradi

Bagi masyarakat Cineam, nama Yogaswara dianggap nama yang "keramat" hampir semua orang baik sebagian atau seluruhnya mengetahui bagaimana ceritera tentang Yogaswara terutama event yang khusus yaitu menyebrangi sungai pada saat 'caah ngagulidag" dengan menginjak "lubang" belut besar yang hidup disungai dan ceritera leuwi "panereban' kedua event pada ceritera ini seolah menjadi "trade mark" yogaswara bahkan mungkin tidak ada ceritera yang sama diseluruh dunia. Disamping daya tarik ceritera lainya yaitu seorang tukang kuda yang naik pangkat menjadi Kepala cutak (kepala daerah) dan sekaligus menjadi senopati pada saat Nagaratengah diserbu tentara Mataram (secara lengkap tolong dicari buku ' MANTRI JERO" karangan R. MEMED SASTRAHADIPRAWIRA )

Namun dikalangan para pemerhati sejarah di Cineam sendiri yang juga masih sekeseler (keturunan) Nagaratengah, ada dua versi yang berbeda, ada yang mengatakan Yogaswara dan kisahnya sebagaimana dimuat pada novel Mantri jero merupakan kisah nyata dan ada pula yang beranggapan hanya merupakan cerita rakyat yang berkembang dari mulut kemulut sejak jaman dulu.

Yang beranggapan bahwa Ceritera Yogaswara hanya merupakan Babad, didasarkan atas hasil pengamatan pada "Buk Nagaratengah" yang telah diterjemahkan oleh salah seorang keturunan Nagaratengah yaitu bapak Ating Tanu dalam bentuk dangding. dalam buku tersebut tidak tercantum nama Yogaswara, baik sebagai abdi dalem ataupun kedudukan lainnya, lebih jauh Yogaswara seolah tidak pernah hidup di Nagaratengah, tetapi hal ini dibantah oleh kelompok pertama yang beranggapan bahwa Yogaswara adalah kisah nyata dengan alasan sbb, :

1. Bahwa Yogaswara sebagaimana dituturkan dalam karya R. Memed SastraHhadiprawira bukan keturunan Raja Nagaratengah kedudukan tertinggi hanya kepala wilayah, dua tingkat dibawah raja, sehingga wajar kalau tidak ada dalam silsilah raja-raja Nagaratengah.

2. Tempat-tempat sebagaimana yang disebutkan dalam ceritera Yogasara sampai saat ini masih ada, misalnya leuwi panereban di sungai Cikembang dibawah jembatan yang menghubungkan Kecamatan Cineam dengan Kecamatan Manonjaya.

3. Banyak keturunan Raja Nagaratengah yang tidak pernah memakan daging lubang, sekalipun sangat enak dan gurih, sesuai dengan kacaduan (sumpah) Raja Nagaratengah yang telah diselamatkan oleh seekor lubang pada saat menyebrangkan tentaranya dari kejaran tentara Mataram. saat itu Raja nagaratengah bersumpah tujuh turunan tidak akan memakan daging lubang.

Tetapi antara kelompok satu dan lain tidak pernah beradu argumen tentang hal ini, mereka berjalan sesuai dengan persepsi masing-masing, "teu agul ku payung butut" tidak pernah mengagulkan diri sebagai turunan Raja, salah satu bukti tidak ada seorangpun yang menggunakan gelar raden atau gelar lain yang berhubungan dengan keningratan. Yang jelas bahwa nama Yogaswara telah menjadi Brand Image masyarakat Kecamatan Cineam, dengan harapan semoga hal ini menumbuhkembangkan rasa bangga dan cinta terhadap lembur kadeudeuh, dayeuh maneuh banjar karang pamidangan.